Sebuah blog tentang pengalaman hidup seorang anak remaja

Senin, 31 Agustus 2015

Urang jadi patugas upacara 17an

6:49 AM Posted by Unknown No comments

               Teu sakabeh jalma tiasa jadi patugas upacara. Awalna urang ge teu daek jadi patugas. Urang teh nyaho, patugas kirang orangna. Jadi, patugas teh dicari tiap tiap kelas. Urang direkrut ku salah sahiji temen urang. Awalna urang teh teu daek tapi hate teh asa daek teu daek. Saparantos pulang sakola teh patugad upacara dititah kempel di tihang bendera. Awalna urang teh teu daek, tapi urang kalakah dipanggil ku salah sahiji kakak kelas. Yaeunggeus urang teh jadina ngilu jadi patugas 17an.
               Patugas teh dikempelkeun keur diseleksi. Awalna urang teh kapilih jadi pangibar, atanapi urang diseleksi deui jadi urang teh kabagian jadi pangatur upacara. Lila latihan upacara 17an ieu teh lilana 2minggu. Latihan ti balik sakola nepi ka jam 5an atawa jam. Cape rasana latihan teh.H-1 samemeh upacara teh, sagala paralatan jeung atribut teh disiapkeun. Senen 17 agustus isukna sakabehan garanti baju make baju keur jadi patugas + atributna. Upacara teh sakedap deui keur dimulai, peserta upacarana ge geus siap. Salanjutna pasukan patugas teh asup. Hate teh dag dig dug rasana, soalna urang teh keur jadi bubuka anu mariksa kaadaan lapangan kos kumaha, lamu siap, upacara dilanjutkeun.
               Jadi patugas 17an teh hiji pangalaman kahiji abdi. Matak ieu teh abdijadikeun posting diieu blog. Seru lah pokokna

0 komentar:

Posting Komentar