Sebuah blog tentang pengalaman hidup seorang anak remaja

Senin, 14 September 2015

Pancen Bahasa Sunda : Ngadamel Biografi

5:13 AM Posted by Unknown No comments

1. Biografi bapak
Bapa kuring wasta pun Nedi Ramdani. Babar di Sukabumi 24 maret 1956.  Pendidikan akhir anjeuna nyaeta S1. Pun bapa ngajabat jadi PNS Kamenterian Kehutanan. Pun bapa samemeh sd, smp, jeung sma teh tinggal di sukabumi. Di sukabumi teh anjeunna tinggal sareng ibu jeung bapana. Anjeun kuliah di Unirversitas terbuka.

2. Biografi indung
Indung kuring wasta pun Nining wahyuningsih. Babar di bogor, 8 november 1961. Pendidikan akhirna nyaeta SMA. SD jeung SMPna tetep di Bogor. Anjeunna milih teu ngalanjutkeun ka perguruan luhur. Anjeuna teh jago masak. Masakanana teh ngeunah pisan.

3. Biografi babaturan deukeut
Wasta pun Nuranisa salsabila. Babar di Bogor, 24 Desember 2000. Manehna teh putri ka hiji. Manehna sd di Insan Kamil, ayeuna sakola di smp 7 bogor. Manehna teh ngilu ekskul pramuka, sarua jeung abdi. Hobina teh ngadangukeun musik jeung daang. Manehna tinggal di bukit asri, ciomas.

Senin, 31 Agustus 2015

Jumat 28062015

7:15 AM Posted by Unknown No comments

               Poe ieu teh targetna hayang dapet foto jeung kakak kelas urang. Sakola keur biasa. Di istirahat ka hiji urang teh nyari kaka kelas 11, salanjutna urangteh meunang poto, salanjutna asup kelas urang teh aya promosi ti salah sahiji bimbel, dikelas teh ngabahas palajaran fisika, jeung universitas. Poe ieu ge urang arek cap tilu jari di sakola smp urang tabuh 12.30. Otomatis urang teh dispen. Keur ngurus kertas dispen teh, urang dititah neangan guru anu bersangkutan, nyaeta guru fisika. Urang teh ngider hiji sakola neangan, atanapi teh teu katemu. Karak ge adzan solat jumat, si ibu teh datang, langsung weh urang menta tanda tanganna. Geus kitu urang solat jumat, salanjutna angkat ka sakola smp. Di sakola smp teh dibagikeun buku tahunan, disana teh loba temen lila abdi di smp. Seneng weh pokokna

Kamis 27082015

7:03 AM Posted by Unknown No comments

               Poe ieu teh poe anu loba tugasna. Contohna pr english convertation,dll. Aya tigas anu urang kerjakeun diimah, aya oge anu urang kerjakeun di sakolah, kusabab urang teh kasarean, jadina urang teh poho. Poe ieu teh urang keur teu ngeunah awak, hayangna teh balik, jeung tunduh. Hulu teh rasana puyeng, cenat cenut. Awak teh leleus. Jadina balajar ge teu konsen. Balik sakola urang teh aya kempel jeung ekskul potografi. Materi ayeuna teh tentang " panning " . urang teh dititah ngajar carana kumaha. Geus kabehan diajarkeun, lalu dipraktekeun di depan gang sakola. Objekna teh motor atawa mobil anu aya di jalan.           

Rabu 26082015

6:55 AM Posted by Unknown No comments

                Poe ieu urang teh aya kempel paskib, urang teh dititah mawa buku keur disampul merah putih. Isukna nepikeun siang saperti biasa urang teh belajar. Pulangna kempel paskib. Di titah nulis dina buku merah putih, dititah nulis biodata, carana pudd, dll.

Urang jadi patugas upacara 17an

6:49 AM Posted by Unknown No comments

               Teu sakabeh jalma tiasa jadi patugas upacara. Awalna urang ge teu daek jadi patugas. Urang teh nyaho, patugas kirang orangna. Jadi, patugas teh dicari tiap tiap kelas. Urang direkrut ku salah sahiji temen urang. Awalna urang teh teu daek tapi hate teh asa daek teu daek. Saparantos pulang sakola teh patugad upacara dititah kempel di tihang bendera. Awalna urang teh teu daek, tapi urang kalakah dipanggil ku salah sahiji kakak kelas. Yaeunggeus urang teh jadina ngilu jadi patugas 17an.
               Patugas teh dikempelkeun keur diseleksi. Awalna urang teh kapilih jadi pangibar, atanapi urang diseleksi deui jadi urang teh kabagian jadi pangatur upacara. Lila latihan upacara 17an ieu teh lilana 2minggu. Latihan ti balik sakola nepi ka jam 5an atawa jam. Cape rasana latihan teh.H-1 samemeh upacara teh, sagala paralatan jeung atribut teh disiapkeun. Senen 17 agustus isukna sakabehan garanti baju make baju keur jadi patugas + atributna. Upacara teh sakedap deui keur dimulai, peserta upacarana ge geus siap. Salanjutna pasukan patugas teh asup. Hate teh dag dig dug rasana, soalna urang teh keur jadi bubuka anu mariksa kaadaan lapangan kos kumaha, lamu siap, upacara dilanjutkeun.
               Jadi patugas 17an teh hiji pangalaman kahiji abdi. Matak ieu teh abdijadikeun posting diieu blog. Seru lah pokokna